Posted by: irmaaryasathiani | April 7, 2009

HUJAN POYAN

Isuk-isuk ..

Disimbutan ku halimun

Panonpoe taya nembongan

Hujan muruhpuy nyingraykeun pangimpian

peuting tadi

Asa cikeneh urang panggih

nyacapkeun kasono nu ngagedur na jero dada

Asa cikeneh urang balagonjakan

suka bungah babarengan

Kiwari ngan ukur kalangkang

ngumbar tineung dina simpe

Panonpoe torojol nembongan

Hujan can raat keneh bae  ..

Marengan hate nu pinuh kurasa kangen

ka panutan nu geus rahayu ……..


Leave a comment

Categories